Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Senin, 14 April 2008

CEULEUKEUTEUK


SAHA NU MEUNANG ?

Dina KA Bandung – Surabaya aya professor jeung patani anu diukna pahareup-hareup.

“Pa. Ambéh teu kesel, kumaha lamun urang tatarucingan?” professor ngajakan patani.
“Mangga, namung pendidikan abdi mah ngan dugi ka SD”
“
Kieu atuh, lamun anjeun bisa ngajawab pertanyaan kuring, kukuring dibayar Rp 100.000,-“
“Teras?”
“
Tah, sabalikna, lamun kuring bisa ngajawab pertanyaan anjeun, anjeun kudu mayar Rp 10.000,-“
“
Ari kitu mah adil pisan, satuju lah”
“ Pék pertanyaan anjeun heula”
“
Saha anu lumpatna tiasa nyusul ieu KA?”
“Ah, teu nyaho”
, kusiwel professor mikeun Rp 100.000,- ka patani.
“Nuhun prof”
“Tapi, saha sih anu bisa nyusul ieu KA?” professor nanya panasaran.
“Abdi ogé teu terang prof”, kusiwel patani mikeun Rp 10.000,- ka profesor.

PÉCI MAWA REZEKI

Sardun : " Hébring yeuh péci kuring mah, mawa rezeki".
Sarkim
: " Kumaha nyah caritana ?"
Sardun
: Yeuh, basa kuring ka dayeuh, kuring rék asup ka toko, péci na ku kuring
diteundeun di luar. Na éta mah waktu kuring kaluar ti toko, péci kuring geus
pinuh "
Sarkim
:" Sabaraha rébu nyah ?".
Sardun : Lain sabaraha rébu, ieu mah pinuh sotéh ku laleur !"


Abah Tea
Kang Deddy Setiawan
PT. Krama Yudha Tiga Berlian Motors
Jakarta

Tidak ada komentar: