LAMUN TEPUNG DEUI LUNAS
Kokom jeung Éha nyobat pisan, tapi imahna anggang, béda lembur.
Hiji poé maranéhanana tepung jonghok di pasar Cikatuncar.
“Kom, cik nginjeum duit sapuluh rébu waé mah, perelu keur meuli béas”
“Ari nu dua puluh rébu minggu kamari can dibayar ku manéh”
“Enya kuring ogé teu mopohokeun”
“Sok atuh bayar heula”
“Gampang atuh, engké lamun urang tepung deui, lunas”
Sabulan ti harita maranéhanana tepung deui di pasar.
“Mana Kom, cenah rék mayar hutang tilu puluh rébu téa”
“Apan geus lunas”
“Lunas iraha?”
“Ari bieu. Apan ceuk kuring ogé lamun urang tepung deui, lunas”
Abah Téa
Tidak ada komentar:
Posting Komentar