Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Senin, 13 Oktober 2008

CEULEUKEUTEUK


JAGOAN BASKET

Si Mardud katelah jago basket di kampung Tadah Acay.

Hiji isuk manéhna katingali keur jogging di trotoar jalan.

Palebah perumahan elite The Wang manéhna ningali jelema réa anu keur nonton imah kahuruan.

Kahuruanana palebah lantai 1 jeung 2.

Dina jandéla lantai 3 aya nini-nini anu keur ceurik bari mamangku ucing Parsi.

Si Mardud ngagorowok :


"Héy nini, alungkeun ucingna kadieu !"

"Ulah ! Luhur teuing !"

"Teu nanaon, kuring biasa nangkep bola basket !"

"Heug atuh ari kitu mah ! ", si ucing diciuman bangun deudeuh, tuluy dialungkeun.

Deregdeg si Mardud lumpat rék nampanan ucing...........

Kep katangkep ngan ku sabeulah leungeun...............

Lumpat.............drible................luncat.............

lung ......dialungkeun deui.....sup pas kana ring basket anu aya di hareupeun garasi...

Bekkkkk...........ucing ragrag...........paéh..........wéh................................

Abah Téa

Tidak ada komentar: