Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Kamis, 16 Oktober 2008

CEULEUKEUTEUK


GAJIH GURU.

Kuring saparakanca keur jalan-jalan di pakampungan, maksudna mah rek nganjang ka hiji imah akina salah saurang bentang kampus. Tepi ka imah nu dijugjug, tuluy dititah asup ku si mojang geulis. Kuring dariuk dipalupuh imah panggung eta bari ngareureuhkeun awak baka ku cape tas cross country. Si mojang mah sup wae ka jero sigana mah rek nyieun cai keur nyuguhan. Teu lila, jol aki-aki cetuk huis bari dikondang iteuk ti jero. Bajuna geus leuseuh tapi beresih. Jangotna geus ngeplak bodas, tapi carang. Huntuna geus ompong. Solongkrong kabehan nyolongkrong sasalaman ka si aki.

Assalamu’alaikum aki…!” ceuk kuring kabehan.

Wa ayaikum sayam!” (abong geus ompong kabeh huntuna!).

Timana cea ujang teh?” cenah nanya.

"Ti Bandung aki!” ceuk kuring deui.

Kuliah maraneh teh meureun nya?” si aki nanya ka kabehan.

Muhun aki, abdi sareng ieu mah di ITB!”, waler si Atep bari nunjuk ka si David.

Heueuh, alus jalu…!, ari hidep?” ceuk si aki bari neuteup ka kuring.

Abdi sareng nu tiluan ieu mah di IKIP ki!” ceuk kuring teu eleh geleng.

Gehel teh, si Aki kalah ngajawab,

Heueuh, sing sabar wae ujang…guru mah gajihna teu sabaraha. Jeung sangsara jaba loba anu TBC

Si Atep jeung si David meuni nyakakak! (Gelo siah, ceuk kuring dina jero hate!)


Abah Téa

Tidak ada komentar: