Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Senin, 27 Oktober 2008

CEULEUKEUTEUK

NU SAHA ? (1)

Aki-aki limpeuran tinggaleun padudan jeung bakona di imah anakna nu anyar pangantén.

Harita geus peuting pisan, tapi da karasa haseum, nya kapaksa indit ogé ka imah anakna.

Nepi ka imah anakna, panto geus narutup, si aki teu wanieun keketrok panto.

"Ari ieu damis nu saha ? ", kadéngé sora anakna ti jero kamar.

"Nu akang", minantuna ngajawab.

"Ari ieu lambey nusaha ?"

"Nu akang"

“Ari éta padudan jeung bako nu saha ?"

“Nu aki!!!”, aki ngagorowok ti luar imah.

NU SAHA ? (2)

Si Ibro bobogohan jeung si Imas di astana Cina nu bararesih.

"Kang urang calik di dieu baé nya, di bumi mah seueur gangguan", ceuk si Imas.

"Mangga geulis", ceuk si Ibro reueus ka si Imas anu nganyahokeun kahayangna.

"Ari ieu damis nu saha ? ", kadéngé sora si Ibro mimiti ngarayu.

"Nu akang", si Imas ngajawab rada ganjen.

"Ari ieu lambey nu saha ?"

"Nu akang"

"Ari ieu nu saha ?", si Ibro nanya bari ngusap pingping si Imas.

"Adaaaaa.... ajah !", aya sora ka tilu ti nu poék.

Berebet si Ibro lumpat ninggalkeun si Imas sorangan di astana.

Abah Téa.

Tidak ada komentar: