Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Rabu, 08 Oktober 2008

Nu Kasép & nu Geulis

Ditulis ku Kang Iwan

Senen, 07 Mei 2007

Dina hiji mangsa, kacaturkeun aya hiji jajaka gandang nu keur néangan pipamajikaneun. Manéhna ngumbara ka unggal lembur jeung dayeuh, ti gunung tepi ka laut, malah tepi ka leuweung sagala..

"Kusabab aing kasép, pamajikan ogé kudu geulis, kudu sampurna kageulisanana, sangkan turunan aing karasép jeung gareulis" pokna téh.

Singgetna, manéhna papanggih jeung hiji lalaki kolot di leuweung nu ngabogaan 3 putri nu gareulis kawanti-wanti. Kulit hejo carulang, biwir ngagondéwa, gado endog sapotong, jeung saterusna.... jeung saterusna...

"Aki, nembé ayeuna kuring ningal istri2 anu sakitu gareulisna. Sim kuring téh nuju milari pibojoeun. Manawi diwidian, salah sahiji putri aki badé dijantenkeun istri ku abdi."

"Aéh-aéh, kasép, sanajan tiluanana ogé mangga téh teuing, aki mah rido."

"Ah, moal atuh ki, ageung teuing waragadna, oge bilih janten présédén awon engké pami diliput ku média infotainment."

"Oh.. saé.. saé ari kitu mah!"

"Nanging, abdi téh bingung, kedah milih anu mana...."

"Teu kedah bingung kasép, mangga waé ditingali ti luhur satungtung rambut, ti handap sausap dampal. Nanging tengah2na mah teu kedah nya kasep, pamali!"

"Ah, teu kedah ditingal tengahna mah atuh ki, tos kabayang ieuh ku abdi na ogé.. héhé.."

Sanggeus dititénan...

"Aki, punten, si bungsu téh geuning gaduh cacat sakedik, saleresna mah teu katingal, nanging ari diperhatoskeun mah geuning éta cepil nu kénca langkung alit batan nu katuhu. Atuh nu nomer dua ogé ngagaduhan cacat sakedik, malah moal katingal, éta indung-sukuna geuning ageung sapalih."

"Dupi si cikal kumaha adén?"

"Perfect!"

"Tos yakin, Kasép?"

"Absolutely!"

"Mangga atuh ari kitu mah..."

Singget carita, manéhna kawin jeung si cikal. Kacida bagjana manéhna ahirna bisa meunangkeun pamajikan nu geulis tur sampurna. Sababaraha bulan ti harita, pamajikanana ngalahirkeun, orokna lalaki, keur hideung teh, goreng patut deuih..

Manéhna bingung, tuluy tatanya ka si aki naha bisa kajadian bapana kasép indungna geulis, tapi anakna goréng patut kitu.

Si aki ngajawab,

"Sabenerna si cikal téh boga cacat saeutik, malah teu katingali."

"Naon tea ki?"

"Harita manéhna téh geus kaburu reuneuh...ku urang Afrika ....."

Abah Téa

Tidak ada komentar: