Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Kamis, 30 Oktober 2008

CEULEUKEUTEUK

HEUREUY BARUDAK PASANTRÉN.


Kang Mpu (dilandih kitu lantaran patuanganana demplu siga patung Cina) téh tukang azan “resmi” masigit pasantrén.

Anjeuna teu gaduh wargi, janten kulemna di lebet masigit.

Kang Mpu téh galak pisan ka barudak anu balangor, sering nyeuseulan barudak laklak dasar tipopolotot socana.

Barudak jadi “dendam kesumat” harayang males.

Kinten-kinten pukul 10 wengi kang Mpu parantos kulem di juru masigit, mani nyegrék soantena sapertos karéta hideung si Gomar.

Keteyep……keteyep….. barudak arasup ka masigit lalaunan pisan rék nyetél jam masigit.

Kajanarinakeun kang Empu ngahaleuang azan nganggo TOA

Allohu akbar…..Allohu akbar !!!” dst. Dugi ka tamat.

Réngsé azan, mama ajengan sumping ka masigit, namung sanés bade sholat:

“ Naha sia téh geus azan tengah peuting hah?! Ngalindur??”

“Ttttappiii…..pan tos waktosna subuh mama…”

“Subuh nanahain deuleu! Karék ogé pukul satu tengah peuting !”


Abah Téa.

Kang Deddy Setiawan

PT. Krama Yudha Tiga Berlian Motors - Jakarta

Tidak ada komentar: