Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Rabu, 28 November 2007

Belut Bodas


Legenda atawa carita rakyat teh hiji sarana anu bisa digunakeun keur kapentingan naon bae. Ringkesna mah kapentingan anu dibungkus atawa disilibkeun dina legenda atawa carita rakyat. Kaasup oge didieu migunakeun rupa-rupa simbol pikeun nyamunian eta kepentingan. Soal kapentingan anu dibungkusna bisa kapentingan anu hade atawa kapentingan anu goreng.


Anu hadena, upamana, dina raraga nyalindungan jeung mulasara lingkungan, sepuh atawa karuhun urang teh sok nyilibkeun ku rupa-rupa pantangan atawa carita simana (B.Ind: keangkeran) jeung sangetna hiji patempatan, sangkan eta patempatan anu mibanda fungsi lingkungan (sumber cai, sumber kahirupan sejenna) heunteu sagawayah diruksak jeung dirogahala.


Naha kudu make simbol atawa silib sarupa kitu? Duka teuing, eta mah kawijakan sapuh kapungkur.


Upamana bae di Situ Sanghiyang aya pantangan teu meunang dipotret di sabudeureun eta patempatan. Atuh pon kitu keneh, patempatan- patempatan anu mibanda ajen sajarah atawa fungsi lingkungan heunteu kurang ku pantangan, silib jeung simbol.

Ari anu gorengna mah taya lian yen heunteu saeutik legenda, simbol jeung silib teh anu ngahaja dijieun ku anu keur kawasa harita. Tujuanna nya sangkan rahayat di eta patempatan tetep bodo jeung heunteu engeuh kana kabeungharan lingkunganana.


Nya anu kieu meureun anu kaasup mitos teh. Umpana bae, carita atawa mitos teu meunang urang Sunda kawin ka urang wetan anu sababaraha waktu ka tukang rame dipadungkeun di ieu milist anu kuat sangkaan eta teh jieunan pangjajah Walanda. Kalan-kalan, mitos atawa legenda sarupa kitu teh dijieun oge ku bangsa urang, keur kapentingan saharitaeun.


Upamana bae, dongeng belut bodas di Waduk (bendungan) Darma, di wewengkon Kuningan, baheula, basa eta waduk keur diwangun (dijieun).Harita basa waduk Darma diwangun, pangwangunana teh kaasup anu ngayayay, teu anggeus-angeus nepi ka meakeun waktu mantaun-taun. Loba anu heran, kunanon ngawangu waduk anu teu kawilang badag na make kudu lila jeung meakeun beaya anu heunteu saeutik, duti rahayat tea. Loba anu panasaran, hayang nyaho siga kumaha eta waduk diwjieunna, ngan rahayat umumna sieuneun laha-loho ka puseur pangwangunan waduk teh, sabab cenah, di "poros bendungan" (tempat heureut di walungan anu arek dipenggel sangkan jadi waduk) di Darma teh aya siluman belut bodas.


Enya belut bodas anu nya badag nya pikasieuneun. Atuh lokasi pangwangunan waduk Darma teh jadi tempat angker alias geueumeun tepi ka arang langka rahayat anu lunta ka lebah dinya. Nya sabatae anu keur ngawangun waduk teh jongjon digarawe, kaasup migawean naon rupa anu teu hade sakumaha engke kanyahoan.Kabehdieunakeun karek kapanggih, dina pangwangunan waduk darma teh loba pisan korupsina. Nya korupsi anggaran, nya koruspi bahan-bahan (material) keur ancengan fisik waduk kayaning semen, keusik, jsb.


Cindekna, "legenda" belut bodas Darma anu mimiti rame jadi carita rakyat nalika waduk Darma keur diwangun efektif pisan dina ngahulag rakyat ngontrog jeung ngawaskeun prak-prakan ngawangun eta waduk. Tepi ka anu digarawe teh, umumna marake topi gawe warna bodas-payus pisan nyilibkeun maneh ku belut bodas-jongjon ngasupkeun semen, batu, keusik, jeung tangtu bae duit ka pabeasan sewang-sewangan.


Enya jahat "belut bodas" tehpisan nyilibkeun maneh ku belut bodas-jongjon ngasupkeun semen, batu, keusik, jeung tangtu bae duit ka pabeasan sewang-sewangan. Enya jahat "belut bodas" teh geuningan, matak pibahyaeun ka rahayat kulantaran teu seubeuh-sebeuh. Moal kitu nalika ngawangun rawayan (jembatan) Cipeles-Sumedang anu kamari runtag oge mahabu "belut bodas" sarupa kitu?

1 komentar:

Anonim mengatakan...

Sawanda jeung tulisan kuring euy di milist kisunda & urang sunda sababaraha taun ka tukang hehehe.

manAR