Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Kamis, 15 November 2007

Paguneman Mang Utas



"Nyieun SIM"


Ku: Kebo Hideung -Kawalu Tasikmalaya



"Uluh..eta si Mang Utas mani tos ginding, bade ka ondangan mang?"
"Husss...lain Lo, amang teh rek dines puguhan."
"Halah Amang mah aya-aya wae, piraku rek ka sawah mamake batik sagala."


"Puguhan Lo, sabenerna mah Amang teh rek ka kantor pulisi."
"Baruk rek ka kantor pulisi ? ari kitu saha Mang anu unggah balewatangan? "


"Har..ari Alo, lain aya anu unggah balewatangan atuh, tapi Amang teh rek nyieun sim."
"Ohhh..kutan rek ngadamel sim, Naha atuh mani ngangge batik sagala?"


"Kapanan ngarah gaya potona."
"Muhun nya, ngarah jiga Pa Andi Malaranggeng. "
"Ah..Amang mah embung ari jiga Pa Andi mah."
"Har...kapanan pajabat Pa Andi teh."
"Lah Amang mah moal muluk-muluk Lo, amang mah make baju batik soteh pedah keur diajar mikacinta kana produk nagara sorangan."


"Tah leres Mang, kudu dimumule, dipikaresep tur dipake ku urang sorangan, ngarah teu dibandang ku nagara deungeun."
"Sisinarieun geuningan poe ieu Alo cerah otakna."
"Saha heula atuh Mang..Alooo. "


"Geus ah..Lo amang bisi kabeurangan, rek nyieun sim."
"Muhun atuh mang, kuring oge bade ka pasar cikurubuk."
"Enya atuh Lo, kahade dijalana tong nyopet..hehhehe. "
"Moal atuh Mang, barina oge geus tobat kuring teh."
"Enya alus Lo..karunya copet sejen bisi teu kabagean."
"Hehehehe..Amang mah sok kitu."


pondok carita Mang Utas geus nepi ka kantor pulisi.

"Selamat siang Pa..bisa saya bantu.?
"Wilujeng siang..kumaha Bapa daramang ?"
"Sae..sae... bade aya kaperyogian naon Pa?"
"Manawi ieu teh Pa, Bapa teh bade ngadamel sim."
"Sim naon pa?"
"Eta sim paragi nganggo si kukut."
"Saha kitu si kukut teh ?"
"Itu motor abdi anu butut."
"Oh maksad teh sim C panginten nya?"
"Tah muhun, kedah kamana ieu teh ?"


"Sok Pa ku abdi dibantos, bade jalan tol atanapi anu biasa?"
"Kela..Pa..Bapa teh bingung da Bapa mah sanes bade ka Bandung, tapi bade ngadamel sim."


"Maksadna teh kieu Pa, upami hoyong enggal tiasa dibantos ku abdi, bapa mah calik we."
"Oh..kitu? sabaraha waragadna Pa?"
"Ah...biasa we Pa, tambihan we kanggo meser roko."
"Muhun atuh sabaraha?"
"Ke sabaraha atuh nya, dua ratus salawe Pa."
"Kieu we atuh Pa, kaleresan Bapa nyandak roko aya 6 batang deui mah, tah potong we ku roko kumaha tah, jadi jumlah-jamlehna sabaraha?"

"ha.ha.ha.ha. .si Bapa mah, aya-aya wae..tos sakitu Pa tos mirah, daripada Bapa uncag-incig, jabi kedah ditest sagala, mending upami lulus."

"Muhun sok atuh, ari aturana kedah kitu mah, bapa ngiringan."
"Tah kitu pa, ngarah enggal beres."


Teu sabaraha lila, Mang Utas geus beres nyieun Sim C, tuluy we anjeuna mulang ka lemburna.


Tamat

Tidak ada komentar: