Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Jumat, 06 Juni 2008

CEULEUKEUTEUK


TAMBA NUNDUTAN

Mang Ibro tukang gula beureum keur nundutan lantaran ti isuk kénéh
euweuh nu nawar-nawar acan, komo nu meuli.
"Mang sabaraha gula téh sabonjorna ?"
"Sarébu Dén !", ngarénjag kagareuwahkeun, tapi rada atoh.
"Ah, mahal teuing mang !"
"Atuh sawios limaratus ogé Dén, étang-étang panglaris ! Badé sabaraha bonjor?"
"Ih.... da lain rék meuli. Éta baé karunya, nanya sotéh tamba emang nundutan baé!"

REUNI

Hiji mangsa Ibu Enung ngondang babaturanana nu geus heubeul tara papanggih,
reuni lah meureun ti ditu na mah.

Reuni na di sport hall Kelapa Gading
nu sisi kolam renang téa, sigana mah embung éléh ku para Manager KTB ( Krama Yudha Tiga Berlian ).
Kabéh geus ngumpul, teu kungsi lila jol ibu Fitha nu elat lantaran mobilna mogok.
Kacaritakeun breng wéh ngadarongéng pangalaman saurang-saurang.

Ibu Enung: " Sok dimimitian ku Ibu Fitha. Ibu Fitha téh tos ti Jerman sanés ?,
ari basa Jerman na mobil mogok naon ? "
Ibu Fitha
: " Haben nagen "
Ibu Enung
: " Oh éta mah sarua wé jeung mugen power !. Ari Ibu Iin nu ti India,
basa India na jelema korét naon ? "
Ibu Iin
: " Mérégé hésé "
Ibu Enung
: " Euleuh siga sinétron Bolly Wood nya. Ibu Lia nu ti China,
lamun nyuguhan tamu basa China na naon ? "
Ibu Lia
: " Nyi cian téh "
Ibu Enung
: " Oh siga dina film kung fu, gening aya adegan maling nu ditangkep
ku pulisi, ceuk si pulisi téh cenah ...shiang shiang ma ling shéng,
awas tang lie chien wo ! "
Ibu Mia
: " Héy pa Hasman tong molotot baé ka kolam renang ! Pa Hasnam nu
ngumbara di Arab, naon basa Arabna mojang hanjat ti kolam renang ? "
Pa Hasman
: " Oh.... naon nya, oh... wa'as ku munuu na "
Heuheuy deuh, aya ku hébat pangalaman ngumbara téh nya !

Abah Téa.
Kang Deddy Setiawan
PT. Krama Yudha Tiga Berlian Motor - Jkt

Tidak ada komentar: