Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Senin, 21 Juli 2008

CEULEUKEUTEUK


TUKANG OBAT (1)


"Mangga bapa-bapa ibu-ibu ieu landong soca anu pangsaéna sa dunya!"
"Jang, éta téh obat mata ?"
"Sumuhun Ibu ! Sadaya gangguan soca tiasa dilandongan ku ieu obat"
"Cikan meuli hiji !"
Saminggu ti harita si Ibu datang deui.
"Jang, gening obat téh henteu matih ?"
"Ah piraku ! Na kumaha kasawat socana ?"
"Enya, salaki kuring mata karanjang......"
"Oh....atuh éta mah teu lebet kana daftar matihna landong ieu !"
"Cenah ceuk manéh bisa keur sagala rupa panyakit mata !"


TUKANG OBAT (2)

"Mangga karempel kadieu ! Ieu obat kumis ti India !"
"Meuli jang saplés mah ! Kumaha cara makéna ?"
"Gampil bapa. Oléskeun kana lambey, tapi kedah lambey bagian lebetna"
"Atuh kuring kudu nyengir terus ?"
"Jamak atuh bapa da mung sakedap, mung dua jam"
"Naon deui anu kudu diperhatikeun ?"
"Obat ieu teu kénging kana waos, margi janten teu matih deui"
Dongkap ka bumi si bapa ngolésan lambey lebet nganggo obat kumis téa.
Saminggu ti harita si bapa nepangan tukang obat di pasar.
"Jang, gening teu jadi kumisna ?"
"Pasti obatna kana waos nya ?"
"Enya saeutik. Atuda mani bau tikotok medok !"
(da enya, bahana tina bujur hayam ! Puas siah !)


Abah Téa

Tidak ada komentar: