Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Selasa, 22 Juli 2008

CEULEUKEUTEUK


TUKANG OBAT (3)

"Jang, aya obat lieur ?"
"Kantenan aya bapa, tah ieu landong lieur mah""Ngajaran sabotol"
Isukna katingali si tukang obat keur dicarékan laklak dasar.
"Gening kalahka beuki lieur saenggeus nginum obat ti manéh !?"
"Da éta mah minuman keras cap topi miring bapa"
"Hah siah ngabobodo ka aing ?!"
"Apan bapa hoyong lieur ......."

TUKANG OBAT (4)

"Bapak-bapak, Ibu-Ibu sekalian. Saya bawakan shampoo yang lain daripada yang lain !
Shampoo ini baik untuk rambut yang hitam dan berkilau !"
"Éh...bang...sayah meuli hiji !"

Sabulan tiharita si Ibu nepungan si abang tukang shampoo.

"Kumaha ari sia ! Buuk aing tetep waé huisan ! Ngabobodo ka urang kampung siah !"
"Jangan dulu marah Ibu ! Saya tidak bohong ! Shampoo ini memang baik untuk rambut yang hitam dan berkilau ! Bukan baik untuk rambut yang beruban seperti rambut Ibu itu !"

TUKANG OBAT (5)

"Bang kuring meuli obat flu sasachet"
"Ini Pak. Mudah-mudahan cepat sembuh"

Saminggu tiharita.

"Mana... cenah obat flu alus, tapi geus saminggu teu cageur-cageur !"
"Oh..bapak.... coba baca dikemasannya...bila sakit berlanjut, hubungi dokter,
jadi bukan hubungi saya.., bapa salah alamat....."


TUKANG OBAT (6)

"Bapa-bapa, ibu-ibu, mangga pilih obat-obatan abdi anu dipikapalay !"
Breng bapa-bapa sareng ibu-ibu marilih obat, anu cenah mah murah.
Sabulan ti harita. Para bapa-bapa sareng ibu-ibu protes.

"Yeuh ujang. Saurang ogé euweuh anu cageur ku obat manéh téh !"
"Apan saur abdi ogé obat-obatan, janten sanés obat leres...
cobi waé contona ucing-ucingan...apan sanés ucing saleresna sanés ?"


TUKANG OBAT (7)

"Mang....cenah obat nyamuk, tapi siga bateré urut éta mah ?"
"Ihhh....lain bateré urut samanéa ieu mah.....geus dijiad di kulon !"
"Kumaha tah prakprakan nganggona ?"
"Bateré dipoé, tuluy dipesék, gerus arengna, caian, semprotkeun wéh...."
"Kumaha lamun reungitna teu paéh ?"
"Gampang atuh...balédog waé ku bateré.."
"Kumaha lamun nyingcet teu keuna ?"
"Téwak reungitna, terus dibebek ku bateré, pasti paéhna !"
"Leres matih tah bateré téh nya m
ang"

TUKANG OBAT (8)

" Para sadérék......ieu téh obat kuat.."
"Wah...kuat naon waé tah mang ?"
"Kuat macul, kuat ngaronda, kuat manggul......."
"Da abdi mah seueur hutang....dupi aya obatna ?"
"Aya....!"
"Obat kuat naon tah mang ?"
"Obat kuat……….kaéra !"

TUKANG OBAT (9)

Si babah Ho Liang téh dagang obat di pasar Cipatujah. Diwawancara ku panwaslu.
"Bah...kaping lima badé milih capres anu mana ?"
"Ah...ceuk kuling mah kawéh caplés ogé alus....."
" Naha kitu ?"
"Enya, kawéh caplés ogé wawatulan kuling"
"Wah hébat si babah gaduh réréncangan capres...!"
"Cowa wéh...Wie Lan Tho nu woga tokoh emas........, Shie Mei Gha no woga tokoh sapatu,
A Mien adina A Shiong nu woga tokoh weusi, Soe Shie Loh nu woga tokoh wako.
Ngan Ham Tza nu kuling teu wawuh téh....."

Abah Téa
Paguyuban Wargi Sunda - Medn

Tidak ada komentar: