Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Rabu, 03 September 2008

CEULEUKEUTEUK


Sapuluh Jurus jetu kanggo nu bade nganjang ka bebene :

Kahiji :
Upami bade angkat seuseup heula menyan tilu kali sareng kocrotkeun minyak sinyongnyong tiluhur sausap rambut, tihandap sahibas dampal, kade hilap tataros heula kanu tiasa meh caina herang laukna beunang, mun saur panarosan kedah ngalangkung kana jandela omat kedah diturutkeun, komo dina palebah ngaler ngidulna mah, lamun cek pitunjuk kedah ngaler omat angkat kedah ngaler heula sanaos bumi bebene aya dikidul.

Kadua :
Diutamikeun nganggo anggoan anu seueur pesakna, kanggo persiapan bilih susuguhna rada euyeub, diantawisna opax, gegeplax, ranginang, bubuy boled, jrrd, supados sobat bongoh..... susuguh eta tiasa ngalih kana pesak.

Katilu :
Dianjurkeun pisan nganggo kendaraan roda opat, margi upami naek ojeg bilih "golep" rugrug atanapi acak-acakan kadedetkeun helm, langkung sae upami "Lancer atanapi Galant" dipipir nganggur tiasa dianggo.

Kaopat :
Teu kenging cacandakan mangrupi koper, margi bilih disangki dobel profesi janten tukang rebab.

Kalima :
Upami tos dugi dipayuneun bumi simanehna, tenjrag bumi tilu kali bari mapatkeun ajian " sijaran goyang " sareng kade hilap siapkeun gas airmata, bilih anu ngabageakeun anjing nu gaduh bumi.

Kagenep :
Samemeh kelebet tengetkeun heula saha nu pangpayuna mapag, upami ramana omat ulah waka kalebet, margi bisa tibalik jadi ngapelan ramana.

Katujuh :
Upami ramana ngiring nimbrung, ajak we ngobrol soal politik ngenanaan Pemilu dituntungan titah ngajawab tarucing ieu...Bentukna kotak tapi diragap geunyal...pasti anjeuna langsung ngabengbeos teu bisaeun ngajawab.

Kadalapan :
Warning....! upami nuju ngapel teu kenging maca novel margi sanes diperpustakaan, sareng bilih kajonjonan teu karaos simanehna ngaguher tibra gigireun.

Kasalapan :
Teu kedah ningalian jam, margi jam nuju apel mah teu berlaku, anu berlaku dedehemna "sibokap" upami dehem kahiji nandakeun batas limit ngapel tos seep (teu tiasa diisi ulang), dehem kadua tandana urang kedah tos singkil dilawang panto.

Kasapuluh :
Upami bade nego perkawis perpanjangan waktu, siapkeun "angfow" anu eusina gobanan, pas ngelol gancang ajak sasalaman bari selipkeun sakadang angfow..kontan bokapna galehegeh someah bari nyarios kieu...... "Tenang...tenang wae jang, bapa mah tos teu kiat bade leleson ....!"


Abah Téa

Tidak ada komentar: