Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Rabu, 17 September 2008

CEULEUKEUTEUK



Udud

Ditulis ku Kang Ndoell

Dihareupeun t o k o , aya budak ng o ra keur nangtung. Dangdananana m o del ayeuna, make calana jin bula o , ka o s, sapatu jangkung jeung jaket tina kulit. Kacamata hideung nangklek dina tarangna. Leungeun kenca-na diasupkeun kana kant o ng jaketna.

R o k o k nu aya dina ram o leungeun katuhuna dised o t bangun nu nikmateun pisan, tuluy haseupna dikaluarkeun lalaunan, meni nyerebung. Acan ge satengahna, lung we r o k o k teh dialungkeung tuluy dikekesek ku sapatuna.

Nemp o p o lah budak ng o ra kitu, bapa-bapa nu nangtung gigireunana mel o ng. Ngarasa dipel o ng, si budak ng o ra balik mel o ng deui. Papel o ng-pel o ng.

"Aya naon, Pa ?", budak ngora nanya bari cekres deui nyeungeut r o k o k.

"Ah henteu", ceuk bapa-bapa,

"Jang, lain...Bapa mah ngarasa nyaah we eta duit dibeuleuman kitu. C o ba geura nya, lamun sap o e beak dua bungkus we, pan sabulan pasti geus 60 bungkus. R o k o k sabungkusna saeutikna lima rebu, sabulan teh meureun tilu ratus rebu. Sataun geus sabaraha, k o m o deui sapuluh tahun geura we pek itung. Mun eta duit dikumpulkeun, b o a bisa kabeuli imah atawa mobil."

Si budak ng o ra teu nembalan. Sirahna unggut-unggutan, jiga nu ngartieun eta bapa-bapa teh. Biwirna manyun, maju aya kana lima senti mah

"Ari Bapa teu ngaroko ?", si budak ng o ra nanya.

"Henteu jang, ti bubudak ge can pernah"

"Bapa gaduh m o bil ?"

"Ah, boro -boro mobil, rompok ge ngontrak keneh jang."

"Abdi mah, mobil gaduh, rompok ge tos gaduh.", ceuk budak ng o ra bari ngaleos.

Si bapa ngan ukur olohok.


Abah Téa

Tidak ada komentar: