Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Selasa, 23 September 2008

CEULEUKEUTEUK


DONGÉNG TILU PILOT


Keur PD II aya tilu kapal Walanda ragrag di Kalimantan . Pilot tiluanana salamet, tapi tuluy ditangkep ku urang leuweung anu masih kénéh beuki daging jelema.

Ampun kuring ulah dipaéhan”, ceuk pil o t tiluanana bari ceurik ngabangingik siga budak.
Heug, tapi manéh kudu ka leuweung bari néangan sapuluh bungbuahan, tapi ulah sarua”
Mangga”, bring tiluanana naréangan bungbuahan ka leuweung.

Isukna tilu pil o t ngadeuheus lap o ran ka kapala suku bari mawa bungbuahan séwang-séwangan.

Manéh mawa naon?”, ceuk kapala suku ka pilot kahiji.
Sun, ieu buah manggu sapuluh”, jawab pilot ka hiji.
Tah, ayeuna asupkun kana bujur manéh! Tapi ulah kaluar s o ra nana o n tina sungut maranéh!”, paréntah kapala suku.

Atuh kapaksa, nyeri-nyeri o gé paréntah téh dilaksanakaeun.
Manggu kahiji tepi ka nu kasalapan salamet diasupkeun. Ngan palebah anu kasapuluh, teu kuat deui: “Aduh!”

Teu antaparah deui, kapala suku mesat gobang, gelenceng hulu pilot kahiji disabet gobang, paéh !

Giliran pilot nu kadua, manéhna mawa dukuh.
Atuh lumayan ukuranana teu gedé-gedé teuing siga manggu.
Dukuh diasupkeun hiji-hiji bari lancar pisan, ngan palebah dukuh anu kasapuluh,
ujug-ujug, “craaaak!!” gobang nyabet tengkek pilot kadua.

Arwah pilot kadua nepungan arwah pilot ka hiji anu geus nungguan di alam kubur.

Ari manéh lain mawa dukuh? Atuh gampang da dukuh mah laleutik”, ceuk arwah pil o t kahiji.
Enya gampang pisan, kuring yakin bisa salamet tina gobang”, ceuk pil o t kadua.

Naha atuh manéh gagal?”, ceuk arwah pil o t ka hiji.
Dukuh kahiji tepi ka salapan mah asup lancar pisan, ngan palebah kuring rék ngasupkeun dukuh kasapuluh, kuring seuri

Naha ? Lain teu meunang kaluar s o ra tina sungut urang téh?”
Enya, atuda kuring teu tahan ngabayangkeun pil o t ka tilu ngasupkeun durén kana bujurna”

Abah Téa

Tidak ada komentar: