Aa, Ii, jeung Uu bisa disebut bujang lapuk.
Sigana mah pédah tampangna jauh ka kasép, hideung jeung pinuh ku jarawat badag.
Hiji mangsa maranéhanana tatamba ka dukun nu katelah matih:
“Pasti maranéh daratang kadieu hayang gancang boga jodo”, dukun miheulaan.
“Eu….eu….eu…. gen…gening mbah tos terang maksad kuring saparakanca?”
“Nya puguh atuh, da maranéh kaciri geus karolot, jaba garoréng patut deuih !”
“Jan…jan….janten…..”
“Geus ulah sedih. Ayeuna mah maranéh kudu meuntas leuweung Si Leugeut Teureup”
“Teras…”
“Tapi kudu peuting anu poék mongkléng buta rajin, poé Kemis kliwon, minggu hareup”
“Teras…”
“Omat ulah nincak bangkong budug”
“Upami nincak….”
“Lamun nincak, maranéh moal meunangkeun jodo anu geulis”
Kacaritakeun breng wéh meuntas leuweung geledegan téa.
Ditengah perjalanan:
“Kok…” sada bangkong katincak.
“Aaah…..aing nincak bangkong budug !” ceuk si Aa, “Pasti jodo aing teu geulis…”
Sababaraha menit saméméh tepi ka sisi leuweung:
“Kok….” Sada bangkong katincak deui.
“Sial ! Aing ogé nincak !, ceuk si Ii kukulutus.
Tungtungna maranéhanana tepi ka sisi leuweung isuk-isuk pisan.
Reg eureun di saung anu dituduhkeun ku dukun
“Néng. Janten enéng téh jodo akang atuh nya, da akang mah teu nincak bangkong budug, dasar anugerah”
“Enya kang. Paingan atuh kuring tadi nincak bangkong budug, dasar musibah!”
Kang Deddy Setiawan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar