Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Rabu, 06 Agustus 2008

CEULEUKEUTEUK


Bu Isma jeung Bapana Anto

DINA hiji peuting, Bu Isma --guru SMU—kasumpingan tamu anu parantos sepuh.
Éta sepuh téh ngankenna mah bapana Anto , murid Bu Isma nu teu naék kelas.
"Badé aya pikersaeun naon Bapa sumping ka rorompok téh?" saur Bu Isma mani rengkuh.

"Manawi ieu téh..., perkawis pun anak, Anto " témbal éta sepuh teu kirang rengkuhna.

"Euh, janten Bapa téh henteu nampi nyah pédah Anto teu naék kelas?!" saur Bu Isma, ayeuna mah rada teugeug nyariosna

"Is, sanés!" témbal éta sepuh, angger rengkuh.

"Justru Bapa téh badé nganuhunkeun ka Bu Guru wiréh pun anak henteu dinaék-kelaskeun. Bapa téh tos jangji ka pun anak, saupami naék kelas, Bapa badé maggaleuhkeun motor nu hargina kawilang awis pisan...", sor bungkusan bungbuahan dipasihkeun ka ibu Isma

Abah Téa.

Tidak ada komentar: