Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Kamis, 21 Agustus 2008

Mama Ajengan & Supir Beus


Kacaritakeun Mama Ajengan jeung Mang Miid, supir beus wafat dina waktu anu bareng.

Di panto Sawarga Mama Ajengan jeung Mang Miid teh diabsen ku malaekat nu ngajaga panto gerbang Sawarga.

"Aran!?"
"Pun Miid kaulanun"
"Pacabakan?"

"Supir beus, ti aalit dugi ka gede abdi mah teu tebih tina mobil, ngawitan jadi kenek teras jadi supir"

"Tempat maneh di Kamar 12, tah ieu koncina !", ceuk malaikat teh bari ngasongkeun konci, terus nanya ka Mama Ajengan.
"Pacabakan?"

"Dakwah, tukang mamatahan supaya jalma salaladar emut kanu Maha Kawasa"

"Oh ..... ieu anjeun mah di kamar 222", Ceuk malaikat bari mere konci kamar nomer 222.

Mama Ajengan ngagiridig nuju ka kamar manehna, rada jauh jeung ngaliwat ka kamar 12, tempat Mang Miid ditempatkeun.

Manehna nyimpang heula, tempa-tempo ka kamar Mang Miid. Uluh mani mewah: Tempat sarena alus pisan euweuh nu nandingan didunya mah, ubinna mani ngagenclang. Ah ... pokona mah kamarna mewah alahbatan kamar hotel bentang lima.

"Wah komo aing mah", gerentes hate Mama Ajengan.
Manehna gagancangan ngajugjug kamar manehna.

Tapi kacida hanjeluna, barang ningali kamar manehna mah ukur siga kamar losmen. Ranjangna tina kai, kasurna ipis, ubinna ge rada kuleuheu. Mama Ajengan protes ka Malaikat nu nempatkeun, naha supir beus ditempatkeun di kamar anu mewah, ari manehna ukur kamar sederhana.

Ari ceuk Malaikat teh:

"Anjeun tukang Dakwah, tukang mamatahan ka balarea, tepi ka balarea arunggut-unggutan, tuntungna ngalenggut narundutan, paroho kana ngadaro'a. Ari Mang Miid sabalikna, manehna supir beus, tukang ngebut tarik pisan, tepi ka panumpangna kabeh ngadaroa araringet kanu Maha Kawasa !"


Baktos,
WALUYA

Tidak ada komentar: