Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Senin, 25 Agustus 2008

CEULEUKEUTEUK


BARAMAÉN

Disalah sahiji jalan aya opat baramaén nu api-api cacad.

Baramaén 1
: "Pasihan kulan, abdi jalmi teu ningal !"
Baramaén 2
: "Sidkahna Juragan, abdi jalmi teu ngadangu !"
Baramaén 3
: "Bapa,Ibu sing hawatos, abdi jalmi lumpuh !"
Baramaén 4 (béakeun alesan)
: "Sing hawatos Adén, abdi teu tiasa ...nyarios !"


SAGELAS

"Sagelas cikopi dicampurkeun kana sagelas cisusu jadina kumaha ?"
"Jadi kopi susu !"
"Jadi coklat !"
"Salah kabéh ! Nya.. mudal atuh !"


TAMBA NUNDUTAN

Mang Ibro tukang gula beureum keur nundutan lantaran ti isuk kénéh
euweuh nu nawar-nawar acan, komo meuli.

"
Mang sabaraha gula téh sabonjorna ?"
"Sarébu Dén !", ngarénjag kagareuwahkeun, tapi rada atoh.
"Ah, mahal teuing mang !"
"Atuh sawios limaratus ogé Dén, étang-étang panglaris ! Badé sabaraha bonjor?"
"Ih.... da lain rék meuli kuring mah. Éta baé karunya ku emang, ngajak ngobrol, tamba nundutan!"

Abah Téa.

Tidak ada komentar: