Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Jumat, 15 Agustus 2008

CEULEUKEUTEUK


Pendatang Haram

Aya pamayang urang Indonésia anu dijagragkeun ka pangadilan Malaysia di Kualalumpur.
Manéhna dituding geus ngarempak hukum pédah ngala lauk di wilayah perairan Malaysia .

"Ku naon anjeun beut ngala lauk di wilayah perairan nagara batur?" ceuk Hakim.
"Kapan sacara hukum mah, anu kitu téh pagawéan salah, lain?!
Ku kituna, anjeun kudu siap ditibanan hukuman luyu jeung kasalahan anjeun!"

"Abdi mah teu rumasa salah, Pa Hakim," témbal pamayang téa.

"Anu salah mah justru laukna. Éta lauk anu diala ku abdi téh asalna mah ti Indonésia.
Ngan ku lantaran laukna kabur, nya ku abdi téh diberik.
Teu engeuh, horéng abdi téh geus aya di perairan Malaysia
."

Abah Téa

Tidak ada komentar: