Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Senin, 28 April 2008

Angkot


Abdi kenging iyeu carita ti Rerencangan, pangintun ti rerencangannana rerencangan. Mangga wae raosan:

Teu di Bandung teu di Tasik, teu di Garut , teu di Bogor boa ketang di Medan mah beda.... eta kalakuan kenek angkot dimana wae lamun jojorowokan nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureunka panumpang sakapeungmah matak piambekkeun, pikabingungeun anukakara tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri, geura reungeukeun :

Di Bandung :
"Gede..... Panjang..... .Gede.... .Panjang. .....!!" kade...lain keur promosi obat taeun nu ayeuna keur meuweuh atawa promosi sabangsa Mak Erot, tapi nawarkeun rute angkot jurusan Gedebage - Leuwi panjang....!

"Aceh......Merdeka. .....Aceh. ......Merdeka. ......!!" jojorowokan sataker kebek najan hareupeun tangtara atawa pulisi ogemoal nepi ka di tewek da di Bandung mah geus arapaleun lamun keneketa nawarkeun angkot jurusan Cicaheum - Kebon Kalapa ngan rute nangaliwatan Jalan Merdeka jeung Jalan Aceh.

"Binatang... ...ada turun.....? ibu......bapa. ....Binatang. .....!" tong waka ambek disebut kitu teh, si kenek nanyakeun bisi aya nu turun di Kebon binatang di Jalan Taman Sari anu kaliwatan ku angkot eta.

"Badak badak badak....... !!!" cek si kenek bari nunjukan jalma nu keur nangtung disisi jalan.
Tong waka bendu lamun disebutan badak ku eta kenek damaksadna mah: Ranca Badak - Ranca Badak (jurusan Cijerah - Sederhananu ngalangkungan Ranca Badak).

Di Tasik ,
Mah kieu jorowok na teh "sila....... sila..... hiji deui...!!" lamun seug ninggang ka jalma nu anyar ulin ka Tasik mah bakal hookeun ngadenge jorowok kenek anu ngagantung na lawang panto, rek teu kitu kumaha atuh....sakitu katingali metetna bet anu dijero oge diaradutuur ari jojorowokan sila........ sila. ..hiji deui.......? padahal manehna teh nawarkeun jurusan ka Pancasila.

Ari di Garut mah karunya ka anu ngarana DANA kade nya bisi aya barayaanu ngarana dana tong waka ambek jeung kasigeung lamun ngadenge jorowok kenek angkot "DANA EGANG....DANA EGANG....... ...."

eta tehlain moyokan dana pedah leumpangna egang tapi nawarkeun angkot jurusan Sukadana – Sukaregang

Di bogor aya deui.

Aya daerah namina Bantar Kambing, " Kambing . . .Kambing . . .Kambing " ceuk si kenek.
Saatos angkot pinuh, kenek naros ka Panumpang " Ieu Kambing sadayana ? "Muhun" jawab si penumpang ."

Panumpang heuteu ngambek disebut kitu teh, da tos biasa disebut Kambing da bade ka Bantar Kambing.

Salam
Paguyuban Wargi Sunda – Medan

http://www.pwsmedan.blogspot.com/

Tidak ada komentar: