Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Jumat, 18 April 2008

CEULEUKEUTEUK


SEL NARAKA

Kacaritakeun aya koruptor urang Indonésia anu paéh alatan lintuh teuing.
Sidang di akhérat geus nangtukeun, yén manéhna kudu asup ka sel naraka
Basa manéhna arék asup pisan ka sel naraka, papanggih jeung petugas.

"
Héy koruptor ! Didieu aya sababaraha sél. Manéh meunang milih !"

Enya baé mani réa sél téh. Unggal sél dicirian ku ngaran nagara.
Manéhna néangan sél Indonésia, tapi pinuh ku nu antri.
Kapaksa indit ka sél nagara lianna.

"
Bapa penjaga. Kunaon sél ieu mah tiiseun, teu siga sél Indonesia ?"
"Sarua kabéh sél ogé ! Kudu diuk dina korsi listrik !"

Manéhna panasaran, ceuk jero haténa, naha kabéh jelema milih
sél Indonesia ? Anu bulé, anu hideung, béda-béda bangsa...

"
Sir ! Kunaon anjeun milih sél Indonesia, padahal kudu antri ?"
"Ih, puguh ngeunah sél Indonesia mah"
"Naha kitu ?"
"Korsi listrikna ruksak, teu dioméan, budgetna geus dikorupsi.
Algojona ngan datang sakeudeung, apél pagi,
terus ngaléor ka kantin ngadon ngopi nepi ka waktu balik"
"Paingan atuh..! Ari kitu mah kuring ogé kajeun ngantri di dieu baé lah !"


NULUNGAN

Korban banjir : " Tulungan abdi pa, rorompok abdi kabanjiran ! "
Wan Abud
: " Oh karunya teuing. Yeuh aya buku keur diajar ngojay ! "
Korban banjir
: " Rajeun téh nulungan, dasar pelit ! "
Wan Abud
: " Yeuh kuring mah lain pelit. Ceuk nu pinter gé, tong méré lauk tapi méré jeujeur ! "
Korban banjir
: " Pelit mah, pelit wé !!!"

AKI AKI PINTER

Ujang
: " Nuju milarian naon ki ? "
Aki
: " Nyéta jang, aki téh keur néangan bako "
Ujang
: " Na tadi ragragna di mana ? "
Aki
: " Di jero imah ari muragna mah "
Ujang
: " Kunaon atuh aki téh milariana di luar ? "
Aki
: " Puguh di jero mah poék jang ! "

NULUNGAN

Pa Sarwi
: " Bapa anu nulungan pun anak anu kacilakaan téh ? "
Pa Dasman
: " Muhun. Ah tos kawajiban urang nulungan anu cilaka sanés ? "
Pa Sarwi
: " Muhun. Tapi dina pésak pun anak téh aya artos lima rébu. Kamana nya ? "

TTS

Aa
: " Presiden Amérika nu ka opat saha ? "
Oo
: " Sabaraha kolom ? "
Aa
: Sapuluh kolom, dimimitian ku aksara J "
Oo
: " Tulis wéh John Lenon ! "
Aa
: " Ah embung, salah pasti ! "
Oo
: " Kajeun teuing salah gé, da moal dihukum ! "

Abah Téa.
Kang Deddy Setiawan
PT. KTB - Jakarta

Tidak ada komentar: