Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Rabu, 23 April 2008

CEULEUKEUTEUK


BOM

Pasukan koalisi keur patroli wanci reupreupan panon poé deukeut walungan Tigris .
Sakolépat manéhna ningali aya urang Iraq anu lumpat popoyongkodan anu brasna ka sisi walungan.
Si komandan pasukan koalisi maréntahkeun anak buahna moro si Iraq .

"Udag tah jelema nu lumpat ka walungan !", kitu meureun basa urangna mah.

Aya kana saparapat jamna, kakara anak buah si komandan pasukan koalisi balik deui,

"
Lapor ! Jelema tadi mawa bom, tapi bitu di walungan ! "
"Gening teu kadéngé ka dieu ?"
"Sorana mah leutik komandan, tapi bauna.....ooooooo
.", bari utah-utahan.


SENSUS

Petugas : " Kagungan putra sabaraha urang pa ? "
Ki Wastra
: " Ké, mun teu salah mah aya kana 17 urangna ".
Petugas
: " Euleuh seueur pisan. Ari piaraan ? "
Ki Wastra
: " Ah encep mah. Ulah gareuwah nya ? Di Subang aya, di Kuningan aya, di Karawang aya , di...."
Petugas
: " Éh, sanés piaraan éta, maksad téh piaraan ingon-ingon, sapertos domba, sapi, jsb"
Ki Wastra : " Oooh, sugan téh ujang nyaho rusiah kuring ".

SARUANA

Dikdik : " Cik, ménta rokona Dan ! "
Dadan
: " Daék Jarum ? "
Dikdik
: " Kajeun lah Jarum gé ! "
Dadan
: " Daék sabatang ? "
Dikdik
: " Enya lah tibatan haseum ! "
Dadan
: " Daék meuli sorangan ku duit manéh ? "
Dikdik
: " Mun titatadi, teu boga kituh ! Dasar siah...! "

Abah Téa.
Kang Deddy Setiawan
PT. KTB - Jakarta

Tidak ada komentar: