Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Kamis, 24 April 2008

Si Kabayan Naek Gunung


Di hiji tempat aya gunung luhur pisan, sarerea hayang naek ka puncak gunung eta. Di tutugan gunung loba nu nawarkeun peta perjalanan lamun arek nuju puncak gunung eta. Aya nu petana sarua, aya nu ngaharib-harib, ampir sarua tapi aya oge nu beda pisan .

Kalakuanana rupa-rupa:
Aya nu ukur gogorowokan siga tukang obat, cenah peta manehna paling bener, paling aman lamun nuju puncak gunung.
Aya nu bari maksa siga calo angkot nu sok nyered-nyered panumpang supaya tumpak angkot nu dicaloan ku manehna ...jrrd.

Sakapeung maranehna nyalah-nyalahkeun ka peta nu ditawarkeun ku batur, malah lamun perlu make peureup keur ngayakinkeun peta manehna pangbenerna.

Kacaritakeun si Kabayan oge hayang ka puncak gunung eta teh. Nya manehna ngajugjug ka tutugan gunung. Rabul papada nanawarkeun peta ka Si Kabayan. Kabeh nyebutkeun peta manehna pangbenerna.

si Kabayan ngarasa asa di terminal angkot nu pinuh ku calo nu sok ngabebenyeng panumpang sina tumpak angkot nu dicaloan ku manehna. Sanajan manehna geus biasa sok dikekenyang ku calo angkot, tapi nempo kaayaan nu leuwih ti terminal mah, manehna kacida reuwasna:

"Ke ..ke .....heula, mana ieu teh anu bener, bingung kuring mah?"

"Nu kuring, geus loba nu tepi kaditu make peta ieu!", ceuk saurang nu nawarkeun

"Eh ....nu ieu nu bener mah, peta eta mah matak sasab", ceuk nu saurang deui

"Ah silaing mah ngacapruk, peta ieu yeuh nu bener mah", ceuk nu sejenna deui.

Jebul nu beungeutna sangar, nawarkeun bari hahaok jeung sisigeung:

"Nyalingkir siah, hayang dibabukan ku aing. Tah ieu Kang, peta nu pangbenerna mah, nu sejen mah kabeh matak sasab. Keun ku kuring arek dibabukan nu nawarkeun teu bener, NGARUGIKEUN jeung NYASABKEUN wungkul kanu arek ka gunung"

Si Kabayan soak, ningali jalma sangar bari hahaok, tapi terus nanya: "Akang parantos kaditu ka puncak Gunung?"

"Acan ...acan, Akang mah BETAH keneh ditutugan gunung, engke kahareup. Tapi geus loba nu make peta ieu keur nuju ka puncak", ceuk si "sangar" teh.

"Oh upami kitu mah, manawi aya saurang weh, nu parantos turun deui ti puncak, wawartos kumaha lamun nganggo peta nu ieu?"

Ditanya kitu, gantawang teh nu sangar ngambek bari ampir nampiling si Kabayan. Untung si Kabayanna ngacir lumpat. Panasaran si Kabayan tatanya kaditu-kadieu sugan aya nu geus balik deui ti puncak atawa paling henteu aya nu nyaho aya nu geus balik deui. Ngan hanjakal pisan

Si Kabayan ukur ngadenge beja, LOBA NU KA PUNCAK MAH, NGAN EUWEUH SAURANG OGE NU BALIK DEUI, NGABEJAAN MANA PETA NU BENER .....

Tungtungna si Kabayan, da hatena tetep hayang ka puncak, make peta nu cocog we jeung hate manehna. Nya duka tepi henteuna mah manehna ka puncak gunung. . . . .

Baktos
Kang Waluya

Tidak ada komentar: