Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Rabu, 30 April 2008

Hayam Goreng II


Jawaban Abah ku artikel hayam goreng

Sabenerna mah kulantaran cara ngitungna baé anu salah, kuduna mah kieu:

Duit anu kapaké =
Keur goréng hayam : 25.000/3 saurang
Keur si mba : 2.000/3 saurang
Jadi : 25.000/3 + 2.000/3 = 27.000 / 3 = 9.000 saurang
Atawa : 9.000 x 3 = 27.000 tiluan
Sésa duit : 30.000 – 27.000 = 3.000 tiluan
Atawa 3.000 / 3 = 1.000 saurang, nu ayeuna aya di saku masing-masing.

Abah Tea


METIK SENDIRI.

Si Euis jeung babaturanana jalan jalan ka Lembang.
Maksudna hayang ka kebon strawberry metik sendiri téa.
Reg eureun di kebon strawberry, pok nanya:

Pa. Dupi di dieu tiasa metik sendiri?”
“Kantenan nyai. Mangga tiasa pisan”
“Sabaraha sakilona?”
“Mirah, mung Rp 50.000,-“
“Ah naha awis pisan? Manawi téh tiasa Rp 1.000,- sakilo”
“Upami palay mirah mah, tuh aya di tonggoh”
Breng maranéhanana ngajugjug anu dituduhkeun ku pangebon.

Sangeus nanjak aya kana dua kilona, teu manggihan kebon strawberry.
Tungtungna maranéhanana baralik deui ka kebon strawberry nu tadi:

“Pa, gening teu aya kebon strawberry di tonggoh mah?”
“Pependak sareng jambatan henteu?”
“Aya ari jambatan mah”
“Tah, saatosna jambatan aya kebon sanés?”
“Aya, mung sanés kebon strawberry, tapi kebon kalapa”
“Muhun, tah kalapa éta tiasa metik sendiri, mirah mung Rp 1.000,- sakilo”

Abah Téa

Tidak ada komentar: