Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Kamis, 03 April 2008

CEULEUKEUTEUK


ENCAN ADIL & BIJAKSANA

Hiji mahasiswa jurusan hukum keur disidang mempertahankeun disertasina.

“Anjeun boga teori yén unggal jelema pasti néangan naon baé anu encan dipiboga”
“Sumuhun, bapa professor”,
jawabna ka professor anu mindeng ngabélaan koruptor nepi ka bébas tina hukuman.
“Bisa ngabuktikeun?”
“Kantenan. Namung badi bade tumaros sateuacan ngawaler panarosan bapa”
“Pék, rék nanya naon?”
“Dupi bapa unggal ngabélaan koruptor téh milarian artos atanapi milarian wibawa hukum anu adil tur bijaksana?
“Nya puguh néangan hukum nu adil tur bijaksana atuh”
“Tah, hartosna bapa milarian anu teu acan dipigaduh ku bapa”


NGILU SALAH

Mama Ajengan nuju ngawulang santri-santrina ihwal kaayaan ayeuna.
Mama Ajengan : " Kaayaan anu riweuh kieu téh alatan para pamimpin urang anu leuwih réa mikirkeun partaina tinimbang rakyatna. Ku kituna ayeuna urang kudu sering-sering ngadu'a anu alus ".

Santri : " Numutkeun pendapat abdi mah, Mama Ajengan ngiring saham kana
kaayaan anu riweuh kieu. Para pamimpin téh henteu diazab ku Alloh ".

Mama Ajengan : " Naha manéh nyalahkeun mama ?"
Santri : " Cobi wéh perhatoskeun du'a mama, ......ampunilah dosa-dosa para
pemimpin kami ........, janten wéh unggal badé di azab ku Alloh,
para pamimpin urang kénging ampunan, kumargi di du'akeun baé ku mama".
Mama Ajengan : " Ari kitu mah tandana du'a mama téh makbul nya ? Urang ganti atuh redaksi du'ana nya !".

Abah Téa.
Kang Deddy Setiawan
PT. KTB - Jkt

Tidak ada komentar: