Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Selasa, 15 April 2008

CEULEUKEUTEUK


PITUDUH DOKTER ANYAR

Si Kurdi urang Majalaya téh ayeuna mah geus jadi dokter, dokter anyar lulus. Hiji poé manéhna kadatangan pasén panyakit kanker nu hésé diubaran.

Pa Dokter, kuring kanker, lamun bisa kénéh diubaran, kuring kudu kumaha ?”
“Tos lalandong ka dokter spesialis akhli kanker?”
“Atos Dok, tapi anjeuna teu tiasa ngalandongan”
"Ari kitu mah Bapa kedah huhujanan dugi ka ngadégdég katirisan"
"Ari kitu kuring bisa cageur dokter ?"
"Ah, henteu..... Mung pasti Bapa janten pilek. Tah lamun pilek,
abdi tiasa ngalandongan pilek Bapa
!"
"?????"


SISINDIRAN

Si Unang keur ngobrol jeung pamajikana ngenaan minantu-minantuna nu karorét. Keur kitu jol minantuna di golodog imah.

Minantu 1 : " Assalamu'alaikum".
Mitoha
: " 'Alaikumusalam "., témbal pamajikan si Unang, tapi si Unang na mah kalah
ka asup ka kamar.
Minantu 1
: " Abdi teu nyandak nanaon, léngoh pisan, da gurung gusuh"
Mitoha
: " Nya geus, teu nanaon ".
Si Unang
: " Dasar pelit ", si Unang gegelendeng di kamarna.
Minantu 2
: "Assalamu'alaikum".
Mitoha
: "'Alaikumusalam "., témbal pamajikan si Unang, tapi si Unang na mah kalah
tetep cicing baé di kamarna.
Minantu 2 : " Ieu abdi mawa iwung jeung nangka, mawa beunyeur tapianeun...."

Si Unang curinghak ceulina ngadéngé omongan minantuna nu kadua, nu seniman. Tuluy buru-buru kaluar kamar mani tibuburanjat ngabagéakeun minantuna nu kadua.

Si Unang : "'Alaikumusalam, aéh aya ujang. Kadieu asup. Mana babawaanana ? "
Minantu 2
: " Da abdi mah teu nyandak nanaon "
Si Unang
: " Ari bieu cenah ..."
Minantu 2
: " Da Abah anu nempas sisindiran abdi. Lengkepna mah kieu ....mawa iwung
jeung nangka, mawa beunyeur tapianeun. Mawa irung jeung mata, mawa
beuteung eusianeun !"
Si Unang : " Dasar kabéh parelit ", sup deui wéh ka kamarna.


Abah Tea
Kang Deddy Setiawan
PT. KTB Jakarta

Tidak ada komentar: