Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Jumat, 25 April 2008

Hayam Goreng


Unang, Aning, jeung Inung jarajan di HYM Fried Chicken Situ Saeur.
Hargana Rp 10.000,- potong hayam goreng.
Sanggeus meunang hayam goréng, maranéhanana rék malayar di kasir.
Masing-masing urunan Rp.10.000,- éwang, jadi total 3 x Rp 10.000,- = Rp.30.000,-,

Sanggeus mayar, si Unang ningali brosur harga pakét hémat anu ngagantung di lalangit.

"Yeuh, Aning, Inung. Mending mueli pakét hémat, Rp.25.000,- / 3 potong hayam goréng tinimbang ieu Rp.10.000,- / potong. Satuju ?"
Satuju”, jawab Aming jeung Inung.

"Mba, kami tidak jadi yang ini, tapi tukar dengan yang paket hema sajat, bisa ?"
"Oh bisa pak", sor si mba mikeun hayam anu paket hemat 3 porsi, jeung duit pulanganana 5 lembar Rp.1.000,-. an.

Kulantaran Rp.5.000,- teu bisa dibagi 3, nya tungtungna dibagi Rp.1.000,- éwang,
terus sésana anu Rp.2.000,- dibikeun ka si Mba kasir itung-itung tip.

Réngsé dalahar, maranéhanana baralik ka tempat kost-na.

"Yeuh Unang, Aning. Kuring mah asa aya anu anéh"
"Naon nyah Inung ?"
"Enya, urang téh masing-masing kaluar Rp.10.000,-, tuluy meunang pulangan Rp.1.000,- éwang. Pan artina ngan Rp.9.000,-" séwang”
"Tuluy, palebah mana anéhna ?"
"Coba baé, Rp.9.000,- x 3 an, pan jadi Rp.27.000,-"
"Tuluy ?"
"Rp.27.000,- + Rp.2.000,- keur si Mba, pan jadi Rp.29.000,-"
"Tuluy ?"
"Tah, Rp.30.000,- - Rp.29.000,- = Rp.1.000,-.
Kamana tah anu Rp.1.000,- na
?"
"??????"

Tah para sadérék ! Tulungan Abah ! Kun aon jadi kitu?

Abah Tea
Kang Deddy Setiawan
Krama Yudha Tiga Berlian Motor - Jakarta

Tidak ada komentar: