Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Selasa, 08 April 2008

CEULEUKEUTEUK


SEDIH

Di peron halteu karéta api Leuwigoong-Garut,
aya tukang surabi nu keur ningalikeun dua wanoja anu keur paungku-ungku deukeut panto karéta nu ka Bandungkeun.
Triiiiiit ! Gejus... jus... jus... karéta mimiti ngageuleuyeung.
Atuh buru-buru salah sahiji wanoja lumpat ngudag karéta, luncat kana panto.
Nu saurang deui hing ceurik teu eureun-eureun di peron.
Tukang surabi panasaran.

Tk Surabi : " Punten, saha wanoja anu tadi paungku-ungku sareng enéng téh ? "
Wanoja : " Réréncangan abdi kapungkur nu tos lami teu papendak".
Tk Surabi : "
Aduh mani nyobat pisan nya. Éta enéng mani sedih kitu. , tos atuh tong nangis teterasan, lebar ku wedak ".
Wanoja : " Ah abdi mah nangis sotéh sanés alatan nyobat pisan ".
Tk Surabi : " Ku naon kitu ? ", rada teu ngarti.
Wanoja : " Éta, kedahna nu tumpak karéta api téh sanes anjeuna, tapi abdi ! "
Tk Surabi : " Haaar..... kutan ? Manawi téh ........".

MATEMATIKA

Di désa Ciburayut keur aya sensus penduduk.
Petugas : " Di rorompok ieu aya saha baé ?"
Nyi Icih : " Randa dua, anak dua, indung wéh dua jang ".
Petugas : " Atuh janten genep nya".
Nyi Icih : " Nya henteu atuh jang. Kabéhna jadi aya tilu"
Petugas : " Kumaha ari Ibu ?"
Nyi Icih : "
Gera wéh itung. Randa dua, nya éta sim kuring jeung anak kuring si Romlah. Anak dua, nya éta anak kuring jeung incu kuring si Déni. Atuh indung aya dua, nya éta sim kuring jeung anak kuring si Romlah".
Petugas : " Ari kitu mah, atuh suku ucing aya 8 "
Nyi Icih : " Dalapan kumaha ari ujang, nya opat atuh ".
Petugas : " Cobi wéh étang. Nu hareup dua,nu tukang dua,nu katuhu dua, nu kénca dua ".
Nyi Icih : "
Heueuh nya, urang téh sarua bodona atawa sarua pinterna ?.

PALAJARAN BASA ARAB

Dikdik : " biisul bi minal tuurin waswaatun hupir "
Imam : " Naon hartosna mama ? "
Dikdik : " bisul dina tuur lamun disuat ripuh ! "

PARAWAN

Deni : " Pén, milih mana parawan ayeuna jeung parawan baheula ? "
Pépén : " Kuring mah milih parawan baheula, lantaran pasti aslina "
Deni :
Oh ari kitu mah pék kawin nini kuring ku manéh ! "

Abah Téa.

Tidak ada komentar: