Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Selasa, 29 April 2008

CEULEUKEUTEUK


BUKU PALAJARAN BASA INGGRIS

Aya budak nanya ka bapana:
Pa. Ari sex teh naon?”
Bapana bingung ngajawabna.
Tungtungna ngajawab ku carita anu panjang jeung lila.

Sabot bapana nyarita, hing anakna ceurik.
Bapana eureun nyarita, tuluy nanya:

Konaon jang ceurik?”
“Ujang hésé nulisna ari panjang-panjang teuing mah”
“Ari kitu?”

Si Ujang nyodorkeun buku palajaran basa Inggris ka bapana:
“Ujang kedah nulis ieu dina jilid buku: Name: Ujang, Class: 3, Sex:….”


SALAH HARTI

Si Alimih urang Betawi keur ngabantuan si Yusuf urang Sukabumi nu keur ngajeroan sumur mang Dadang di Cilandak. Si Alimih diluhur, si Yusuf dijero sumur.

Alimih : " Sup, udéh beduk tuh, apé lo kaga Jum'atan ? "
Yusuf
: " Éh heueh, sok atuh turunkeun tarajéna, kuring rék hanjat !"
Alimih
: " Apé ? Gué kagak denger, ntu sih ojék berisik banget !"
Yusuf
: " Tarajé ! "
Alimih : " Oh ya udéh kalo lo maonya gitu ".

Koloyong si Alimih ninggalkeun si Yusuf di jero sumur anu geus aya caian deui.
Kumaha kaayaan si Yusuf sanggeus si Alimih datang ti masigit bada Jum'at ?.
Mangga taroskeun wéh ka jinisna !
( Taraje dalam bahasa Betawi berarti Nanti Saja , sementara dalam bahasa sunda berarti Tangga )

LEBAR

Hiji peuting si Mulyana keur saré lelenyepan di kamar imahna. Di dapur kadéngé aya nu nagorombrang.

Mulyana : " Saha éta, ucing atawa jelema ? "
Maling
: " Aing maling, kaluar manéh ari wani mah ! "
Mulyana : " Oh jelema, sugan téh ucing, éta lebar bisi maok hulu peda luhureun hawu ! "

Abah Téa.
Kang Deddy Setiawan
Krama Yudha Tiga Berlian Motor - Jakarta

Tidak ada komentar: