Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Selasa, 06 Mei 2008

CEULEUKEUTEUK


KACILAKAAN.

Mang Ihin rada ngalamun sieun dicarékan pa haji juragana kulantaran sukro babawaanana liat katiisan saangeusna dipariksa pa pulisi.
Palebah jalan Legok Mencenghul aya jelema meuntas rada balangah.
Mang Ihin ngadupak éta jelema, blug manéhna labuh, tapi terus nangtung deui.
Mang Ihin turun tibuburanjat bari nanyakeun kaayaanana.

Mang Ihin
: "Henteu kunanaon jang ? "
Nukatabrak
: " Ah henteu pa", tuluy ngaléos bari leumpangna ingkud-ingkudan.
Mang Ihin
: " Haaar. Ari éta leumpangna kitu ?"

Mang Ihin molohok teu ngarti.
Lar aya tukang cendol ngaliwat bari ngomong.

Tk cendol
: " Teu nanaon pa. Manéhna mah mémang ingkud-ingkudan ti leuleutik".
Mang Ihin : " Kutan ?"


DIBALIKEUN

Hiji mangsa Mang Yogi nganjang ka imah Mang Naddy. Kabeneran di imah Mang Naddy keur euweuh pisan kadaharan, tapi rada teu ngeunah ari teu nawaran dahar ka Mang Yogi da waktuna dahar harita téh.
Tungtungna Mang Naddy basa-basi nawaran dahar ka Mang Yogi, susuganan wéh Mang Yogi nolak, tawar gatra lah meureun ceuk paribasana mah.

Mang Naddy : " Mang Yogi, hayu urang tuang heula, kaleresan aya peda "
Mang Yogi : " Wah kabeneran ti isuk encan kaasupan sangu pisan"

Basa pamajikan Mang Naddy rék nyadiakeun sangu katut peda nu ngan hiji-hijina tina lomari, anakna Mang Naddy ngarenghik lantaran peda téh hancenganana.

Indungna : " Moal di séépkeun sadayana kutamu jang. Paling-paling ogé sabeulah " Jep anakna Mang Naddy répéh sanggeus diomongan kitu ku indungna.
Anakna Mang Naddy ngintip Mang Yogi nu dahar mani ponyo tina liang leutik dina bilik.
Anakna
: " Maaaaa.....! Lauk ujang dibalikeun.......! ", gaur ceurik mani tarik.

Abah Téa.

Tidak ada komentar: