Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Senin, 26 Mei 2008

CEULEUKEUTEUK


SI SOMA & BULÉ.

Si Soma budak hideung lestreng siga négro.
Hiji mangsa tumpak beus kota ti St Hall ka Lémbang keun anu heurin pasedek-sedek, nya kapaksa nantung.

Di jero beus aya aki-aki jeung nini-nini bulé anu nangtung ogé.
Basa Inggris Soma ngan pas-pasan pisan, kitu gé pédah baé aya kursus gratis di kantor,
tapi kulantaran si aki-aki bulé ngajakan ngobrol, nya kapaksa ngaladénan.

"What country do you come from?", ceuk si bulé
" Indonesia Sir!".
"Oh, I thought you are an African's negro. Can you speak English?"
"Yes I can Sir".
"Good, so please explain me about your family in English".
"Oh, I can't Sir !"
"Why ?"
"Because I have no family in English !"
"????"

Bari jeung rada teu ngarti si aki-aki bulé terus ngajakan ngobrol

"By the way, where were you born?"
"Bandung Sir"
"Which part?"
"All parts of me Sir, from my leg up to my head"
"????"

Palebah Lédeng aya ucing ngaliwat, beus ngerém ngadadak,
si Soma teu dihaja nincak suku si aki-aki bulé.

"Oh, I am sorry !", ceuk Soma
"I am sorry too" (kadéngéna ku si Soma : two)
"????....I am sorry three"

"What is it for?" ceuk si Bule (kadéngéna ku si Soma : four)
"???.....I am sorry five Sir"

"?????.....Are you sick?" (kadéngéna ku si Soma : six)
"???.....I am sorry seven Sir"

“?????.....eitt…” mobil ngagaléong, si bulé méh labuh.
(kadéngéna ku si Soma : eight)
"???.....I am sorry nine Sir"


WAWANCARA

Pamuda nécis parakatangtang-parakaténgténg nepungan manager HRD.

"Saha ngaran anjeun ?", manager HRD interview.
"Di Indonesia mah Daud, tapi nuju di Amrik David"
"Sabaraha gajih keur digawé di Amérika ?"
"Mung 10.000 dolar sasasih, lumayan"
"Jadi hayang nampa sabaraha gajih di dieu ?"
"Nya kinten-kinten 100.000 dolar cekap lah"
"Kumaha lamun 1.000.000 dolar sabulan, tambah mobil Baby Benz,
tambah imah anyar di Pondok Indah ?"
"Ah bapa mah, nyiar-nyiar piatoheun waé. Ulah heureuy atuh pa !"
bari atoh.
"Apan didinya anu ngajakan heureuy ti heula lain !"


Abah Téa.
Kang Deddy Setiawan
PT. Krama Yudha Tiga Berlian Motors

Tidak ada komentar: