Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Kamis, 08 Mei 2008

CEULEUKEUTEUK


Sakti Pisan

"Aki kuring mah, baheula, kasaktianana teh taya nu bisa nandingan," cek Darto ka Yogi, semu nu agul.

"Kumaha kitu ?" cek Yogi, panasaran.

"Cek Bapa, baheula Aki mah tepi ka bisa ngabekaskeun bedil sagala dina liang pangambungna."
"Euleuh, enya we ari kitu mah sakti pisan nya. Ari ayeuna aya keneh Aki teh?"
"Nyaeta tos teu aya. Kapan ti basa ngabekaskeun bedil dina liang pangambungna oge, Aki mah teras maot!"


DUKUN HÉBAT

Di Amérika aya dukun urang Indian anu katelah hébat dina ngaramal cuaca.
Aya wartawan ti majalah Time anu panasaran, terus ngadatangan si dukun rék wawancara.
Wartawan
: " Ramalan anjeun ngeunaan cuaca jarang salahna.Kumaha prak-prakanana ?
Dukun
: " Kuring kakara bisa ngaramal lamun jam geus leuwih ti jam salapan "
Wartawan
: " Naha kitu ? "
Dukun
: " Lantaran berita radio ngeunaan ramalan kakara disiarkeun jam dalapan "
Wartawan
: " Jadi .... ? "

DASAR BUDAK

Di dapur, pamajikan mang Adhi Jatnika keur sibuk ngagugulung botol.
Indung
: " Jang gera kadieu sakedap ! "
Anak
: " Aya naon ma ? "
Indung
: " Ieu pangaluarkeun tutup botol anu nyeplos ka lebet botol, da kasép "
Anak
: " Mangga ma, gampil atuh éta mah "
Botol di cokot ku budak mang Adhi. Teu kungsi lila kurunyung budak téh datang deui.
Anak
: " Ieu ma tutup botol téh ! "
Indung
: " Pinter anak ema. Ari botolna mana jang ? "
Anak
: " Dipiceun ka carangka runtah da tos janten beling ayeuna mah ma "
Indung
: " ???? "

Abah Téa.
Kang Deddy Setiawan
PT. KTB - Jakarta

Tidak ada komentar: