Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Senin, 19 Mei 2008

CEULEUKEUTEUK


Basa Inggris

Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah.
Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu borokokok.

Unggal badé réngsé palajaran, anjeuna sok ngetést murid-muridna.

"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.

"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", ibu ngancem.

"Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !", ibu guru Lia naros.
"Bring - brought - brought, hartosna nyandak"
"Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !", si Yogi katelah tukang heureuy.

"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR".
"Nangtung dihareup ! Dadan ! "

"Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh béas"
"Nangtung dihareup ! Dikdik ! "

"Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih "
"Nangtung dihareup ! Yusuf ! "

"Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung di Paléstina"
"Nangtung dihareup ! Mahmud ! "

"Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés di bumi "
"Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup ! Endang !"

"Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang "
"Nangtung dihareup ! Nandang ! "

"Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan "
"Nangtung dihareup ! Naddy ! "

"Plak - plék - plok, hartosna bararahé "
"Masingna asé réhé atuh ! Nangtung dihareup ! Epul ! "

"Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur "
"Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Doddy ! "

Si Doddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya. Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia.

Bakating ku geumpeur, ari seduuut .... téh hitut

!"Brat - brét - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan :
" Kaluar kabéh ! ", ibu Lia bendu.

Tidak ada komentar: