Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Selasa, 27 Mei 2008

CEULEUKEUTEUK


Dokter Anto, Dokter Ulle, jeung pasen nu maju ka sehat

Dr Anto jeung Dokter Ulle keur silisimbeuhan pangalaman.

"Ayeuna-ayeuna teh kuring keur nyanghareupan kasus nu kacida pabaliutna," cek Dokter Anto.
"Pabaliut kumaha?" cek Dokter Ulle.

"Kuring teh keur ngubaran pasen nu ngarokona opat bungkus sapoe, meh taya eureunna nginum alkohol teu bina ti nu keur hanaang bae, sarta peutingna getol pisan ngulayaban neneangan awewe pibatureun sare."

"Ari pabaliutna kumaha, kitu?"

"Tah, ieu yeuh masalahna teh. Manehna teu bisa ngeureunan eta kabiasaan gorengna, tapi heranna teh manehna maju ka sehat bae."


GAMBAR CAKCAK

Silobahutang téh urang Batak asli nu digawé di salah sahiji pabrik mobil Mitsubishi . Silobahutang rada bangor, sigana mah alatan sering kaluar kota tugas ti kantorna.
Hiji waktu Silobahutang ditugaskeun ka Australia. Kulantaran manéhna jelema bangor, ka pamajikanana ogé jadi curiga baé.

Silobahutang : “ Selama aku tugas, kau jangan main sérong ya ! “
Silobahutang boga akal, manéhna ngagambar cakcak persis dihandapeun bujal pamajikanana, ceuk pikirna gambar cakcak ieu bisa ngajaga si legok hangseur karesepna, lamun pamajikanana sérong jeung lalaki séjén pasti kudu mandi junub, tah pasti gambar cakcakna leungit.
Pamajikanana nyahoeun yén Silobahutang sok jajan ari tugas luar kota, jadi manéhna ngalayanan kikindeuwanana sabot Silobahutang tugas luar kota. Tapi poho kalahka mandi, jadi wéh gambar cakcakna leungit.

Buru-buru manéhna ménta kikindeuwanana ngagambar cakcak di tempat nu asal, ngan pohoeun kamana ngalieukna hulu cakcak gambar salakina.
Kacaritakeun Silobahutang geus tugas sabulan. Balik ti Australia langsung mariksa gambar cakcakna.

Silobahutang : “ Hey, mengapa pula cicak ini menéngok ké atas, padahal aku gambar déngan posisi menéngok ké bawah. Kau sérong yah ? !”
Pamajikanana : “
Héy, sudah sébulan aku tak mandi. Mungkin cicaknya tidak tahan baunya ! “
Silobahutang : “ Oh, bégitu yah ?!”, kaharti ceuk pikirna.

Abah Téa.

Tidak ada komentar: