Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Rabu, 14 Mei 2008

Jadwal Latihan Seni Sunda-PWS

Hiliwir angin gunung ngadalingding
Mega bodas pagulung gulung dipasieup langit bulao....

Lamat-lamat, hariring kuring kadangu atra pisan
Nyulusup di daun eurih katebak angin.


Emutan urang ka Alam Priangan.
Cur-cor cai nyusu ngagenyas herang.
Asa waas pamandangan tikajauhan di dieu ti tegalan.
Aya sora Degung dina hate kuring.
Sorana minuhan alam
.
Aya kacapi suling diluhureun pucuk-pucuk pare ngagelik, kasaeur katebak angin pasawahan Tuh Gunung.
Tuh pasir.

Anu ngak ukur bade ngawawaas
Anu bade ulubiung
anu hoyong diajar
Anu hoyong tiasa nepak, kawih jsb
Mangga....urang latihan Seni Sunda, dihaturanan kanggo sumping
Dinten : Saptu (minggon ka-1 sareng ka-3)
Tabuh : 03.00 Pasosonten
Tempat : Kampus Universitas Sumatera Utara
Gedung Jurusan Etnomusikologi Lt.2
Jl. Setia Budi
Medan

Materi :
1. Degung
2. Rampak Sekar
3. Kacapi Suling
4. Dog-dog
5. Calung.
Diantos kasumpinganana. Hatur nuhun.

Ketua Seksi Seni : Kang Ade H. S.Sn
Kuncen Web : Kang Djodi
Bewara ku : Sahman

Tidak ada komentar: