Aya wanoja bari nangkeup anakna,
nanya ka jalma wijak,
cik papatahan kuring,
perkara barudak,
Nya jalma wijak teh nyarita,
budak aranjeun sabenerna lain budak aranjeun,
barudak teh anak-anak kahirupan,
nu ngarep-ngarep kahirupan maranehna sorangan,
maranehna datang ngaliwatan aranjeun,
tapi lain ti aranjeun,
sanajan maranehna jeung aranjeun,
tapi lain milik aranjeun,
aranjeun bisa mere kanyaah ka maranehna,
tapi lain pamandegan aranjeun,
sabab maranehna boga pamandegan sorangan,
aranjeun mere tincakeun keur ragana,
tapi henteu keur jiwana,
lantaran jiwa maranehna keur mangsa kahareup,
nu ku aranjeun moal kahontal,
sanajan dina ngimpi,
aranjeun bisa miluan ka alam maranehna,
tapi tong ngaharepkeun maranehna bisa ngiluan alam aranjeun,
sabab hirup moal mundur ka alam katukang,
henteu oge ditalian ku mangsa katukang,
aranjeun lir ibarat mentangkeun gondewa,
barudak lir ibarat anak panah,
ngabelesat ka mangsa kahareup.
Kahlil Gibran (1883-1934)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar