Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Senin, 24 Maret 2008

CEULEUKEUTEUK


MATEMATIKA

Yuswa aki Sanusi tos langkung ti 70 warsih.
Dina hiji dinten anjeuna ngariungkeun para putra nu ngarumbara di nusantara.

Aki Sanusi : "Yeuh barudak. Maranéh geus nyaho yén nini téh geus lila pisan ninggalkeun urang".
Putrana : "Atuh 6 sasih mah teu acan lami atuh Bapa. Upami 6 warsih, nembé tos lami !"
Aki Sanusi : "Ah ceuk rarasaan aki mah asa geus lila pisan, asa geus 6 taunan".
Putrana : "Naon maksad aki téh ?"
Aki Sanusi : "Maksud aki, nyaéta hayang ménta bantuan maranéh mangnéangankeun
gaganti nini".

Putrana : "Nu kumaha kinten-kintena aki ?".
Aki Sanusi : "Nya, nu umurna kira-kira 50 taunan, ambéh aki teu ngérakeun maranéh".
Putrana : "Teu aya atuh aki nu kitu mah".
Aki Sanusi : "Ari euweuh mah, nu 25 taunan atuh, tapi dua !"
Pala putra aki Sanusi, molohok teu ngarti kana matematika Aki Sanusi.

SALAH TAFSIR

Di halteu karéta api Leuwi Goong aya urang Cirebon anu keur diuk sorangan dina bangku, sigana mah keur nungguan karéta api nu ka dayeuhkeun.
Lar aya tukang nangka ngaliwat hareupeunana.

Tukang nangka : "Nangkana mas ! Nangkana mas ! "
Ngadéngé omongan tukang nangka, urang Cirebon téa diukna rada ngagésér saeutik.
Tukang nangka : "Nangkana mas ! Nangkana mas !"
Urang Cirebon téa diukna rada ngagésér deui saeutik.
Tukang nangka : "Nangkana mas ! Nangkana mas !"
Urang Cirebon téa diukna rada ngagésér deui saeutik.
Terus kitu kajadianana, nepi ka bangkuna najuralit, si urang Cirebon tijengkang nangkarak bengkang.
Si urang Cirebon ngambek, nyarékan tukang nangka laklak dasar.
Urang Cirebon : "Bujur manéh sakumaha legana hah ! Ku aing dibéréan tempat diuk, masih kénéh nitah ngagésér ka aing ! ".
Tukang nangka molohok teu ngarti kunaon dicarékan.

Catatan : Nangkana , dalam dialek cirebon berarti , mohon agar geser sedikit.

Abah Téa.
Kang Deddy Setiawan
PT. KTB Jakarta

1 komentar:

Anonim mengatakan...

wakakakak... :)) bodor... bodor...
nuhun pisan...