Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Selasa, 18 Maret 2008

CEULEUKEUTEUK


KAPALANG

Si Madhapi urang Soréang téa, ayeuna mah kacaritakeun geus digawé di pabrik Mitsubishi Krama Yudha Motors.
Manéhna kost diimah penduduk urang Madura kira-kira sapangududan ti pabrik.
Kabiasaan goréng si Madhapi nyaéta kaluar tipeuting, sakapeung mah balikna wanci hayam kongkorongok sakali.
Sakali mangsa si Madhapi balik peuting, gabrag-gebrug nécé kana tétécéan imah anu brasna kakamar manéhna nu persis luhureun kamar anu boga imah. Lung sapatu beusina (safety shoes pabrik) dialungkeun ka luhureun palupuh papan kamarna. Nya puguh nuboga imah kaganggu saréna. Isukna si Madhapi diusir, tapi buru-buru manéhna ménta ampun jeung janji moal gandéng deui.

Sabulan dua bulan mah janjina bener, ngan sakali mangsa balik ngalayab peuting manéhna ngalungkeun sapatu nu kénca.... brug ! mani tarik pisan alatan ngambek teu papanggih jeung kikindeuwanana néng Ésih urang Rawasari.

Si Madhapi kaburu inget, terus sapatu nu katuhu diteundeun lalaunan ambéh teu ngagareuwahkeun nu boga imah. Aman ceu pikirna.

Isukna si Madhapi dicarékan laklak dasar.

"Kau sudah minta maaf, tapi berbuat salah yang sama. Kau lemparkan sepatu kau sebelah, aku tunggu yang sebelah lagi sampai pagi, sampai aku tidak bisa tidur lagi. Kali ini tidak aku maafkan. Keluar kau dari sini !".
Abah Tea
Kang Deddy Setiawan
PT. KTB - Jakarta

Tidak ada komentar: