Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Jumat, 21 Maret 2008

CEULEUKEUTEUK


PROPÉSOR LIMPEURAN


Barudak mahasiswa geus ngarumpul di ruang kuliah, tapi bapa propésor teu acan sumping.
Sajam nungguan, bapa propésor nembé sumping.
Katingal restleting lancingana muka, salah saurang mahasiswa ngadeukeutan bapa propesor.

Mahasiswa : " Punten pa, garasi bapa teu acan ditutup ", teu terus terang.
Propésor : " Cicing, diuk ulah loba omong ! ", can ngartoseun maksud mahasiswana. Ngajar diteruskeun. Mahasiswa pating cikikik, komo mahasiswina mah mani rambay cimata.
Bapa propésor katatang-kotéténg nyingkab-nyingkabkeun buku sareng taplak meja.
Mahasiswa : " Milarian naon pa ? ", bari nahan seuri.
Propésor : " Kaca mata baca jang, tadi mah asa dibawa ku bapa ".
Mahasiswa : " Dupi éta nu dina mastaka bapa sanés kaca soca ? ".
Propésor : " Oh ieu.... Lain nu ieu !. Tapi teu nanaon lah tinimbang euweuh ", jawabna alim katohyan limpeuranana.

Propésor : " Barudak. Basa Sunda téh enggeus mangaruhan dunia internasional.
Contona ukuran baju : S tina Sereg, M tina Meujeuhna, L tina Logor. Conto
liana dina potlot : HB tina Hésé Béak, B tina Babari béak. Batur kakara
nepi ka bulan, urang mah geus ngabubuy bulan, malahan geus nyangray
béntang. Komo mang Pépén nu digawé di KTB, geus hasil nyiptakeun Kuda
anu teu nyatu jukut, tapi nginum béngsin. Sakieu heula kuliah ti bapa poé
ieu. Aya nu rék ditanyakeun
? ".
Mahasiswa : " Aya prop. Naon sababna bajaj dibungkus ku lawon beureum ngora anu diréndaan ? ", mahasiswa nanya bari teu kuat hayang seuri.

Propésor : " Pertanyaanana euweuh hubungan jeung pelajaran. Geus baralik kadituh ".

Mahasiswa bubar, barakatak sareuri bangun nikmat. Propésor keukeuh teu ngartos, teras mulih kabumina numpak bajaj. Sapanjang jalan ngalamun ngémutan omongan mahasiswana nu tetep teu kahartos ku anjeuna.
Sumping di bumina, ditaros ku istrina,

Istrina : " Pa, gening numpak bajaj, ari mobil dimana ? "
Propésor : " Euh. Di béngkél, rusak, keur dioméan", padahal mah tinggaleun di kampus !
Istrina : "
Pa, éta lancingan henteu diresleting. Gening lancingan lebetna aya réndaan ?
Ké..ké.. asa siga nu bi Acih".
Propésor nembé ngartoseun ayeuna mah " Aing téh geus kolot gening nya ? "..

Abah Téa.

Tidak ada komentar: