Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Sabtu, 22 Maret 2008

CEULEUKEUTEUK


DI KANTOR PULISI 1

Di kantor pulisi keur aya pamariksaan.
Pulisi : " Ku naon manéh maling munding ? "
Maling : " Abdi mah teu maling munding pa. Harita téh nuju abdi jalan-jalan
ngalangkungan haur konéng aya tambang nagolér dina taneuh, teras ku abdi di
pulung teras dicandak kabumi, ngan dina tungtung tambang aya munding, janten
wéh kacandak. Mundingna wéh anu nurustunjung pa ".
Pulisi : " Heueuh nukitu téh kaasup maling ngarana. Manéh téh geus boga sapuluh
munding lain di imah téh ?. Na sarakah atuh hayang nu batur. Lamun aing nimu
tai munding di jalan, manéh hayang dibéré sapotong ?".
Maling : " Ah alim pa".
Pulisi : " Tuh nya, bener ceuk aing gé, manéh mah sarakah. Kop keur manéh kabéh tai munding téh ! Asup ka sel siah !".

DI KANTOR PULISI 2

Di kantor pulisi keur aya pamariksaan deui.
Pulisi : " Manéh anu maling huntu emas Bapa Cokro ? "
Maling : " Sumuhun pa, abdi".
Pulisi : " Pa Cokro téh katelah dukun sakti. Kunaon anjeuna teu ngaraos waktu manéh nyokot waosna ? "
Maling : " Da pa Cokro na gé nuju nonton TV di tepas. Waos palsuna disimpen dina gelas
di dapur".

Abah Téa.
Kang Deddy Setiawan
PT. KTB Jakarta

Tidak ada komentar: