Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Rabu, 26 Maret 2008

Nu Mere Aya Pamenta


Teu dimana-mana teu dikampung teu di kota, mun seug usum Pilkada ngadadak calon teh gampang diteangana, gampang wanohna, gampang mere mun rek dipenta, pokona bageur tur berehan. Malahan urang teu menta oge calon mah geus surti.

Geus lumrah diurang mah (Indonesia) lamun calon pamingpin anu keur bajuang ngarebut hate calon pemilih rupa-rupa polahna, naon wae anu bisa ngaleehkeun hate calon pemilih pasti dilakonan.

Ngan sok manghanjakalkeun anu barang bere teh tungtungna sok aya pamenta. Sok dukung kuring..sok pilih kuring...Lamun bapak-bapak ibu-ibu ngadukung kuring, kuring jangji..bla. .bla..bla. ... (tuh nya aya jangji). Tapi mun seug geus jeneng sok poho kana jangjina, kadangkala lamun diingetan lain nganuhunkeun, kalahka teu ngaku boga jangji.

Padahal lamun rek mere maweh mah, ti baheula saencana jadi calon. Tapi ketang kapanan baheula mah basa can jadi calon teu boga pamenta.

Jadi atuh ari kitu mah lamun erek barang bere teh kudu boga heula pamenta nya..??? Duka teh teuing...... ......... ......... .......

Ku: Kebo Hideung -
Griya Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya

Tidak ada komentar: