Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Jumat, 14 Maret 2008

PANGALAMAN NGUMBARA


“Djod, cikan kuring hayang nyaho pangalaman manéh ngumbara di Sumatra Utara, pék geura der kadinyah”, pénta si Ujang ka si Djodi.
“Enya lah. Pék regepkeunnya”, si Djodi mimiti nyarita pangalaman manéhna:

“Kuring ngumbara boga tujuan di gawé di tambang BATUBARA.
Di tambang éta malah aya BARLIAN SAGALA, ngan MOHEDE sok aya oray SINAGA ulah SITINJAK tinjakna.
Oray nu panggalakna mah ngarana NAGA BONAR.
Ngaran nu boga tambang téh nyaéta MARADEN SIBUTARBUTAR BIN SAR.
Cenah mah masih turunan RAJAGUKGUK anu aya silsilahna jeung SISINGAMANGARAJA téa.
Tambang éta ayana di sisi SITUMORANG, lamun ti NASUTION SITANGGANG mah SITORUS lempeng, tuluy méngkol ka HUTABARAT.
Di jalan réa TOBING, jeung rada heureut, jadi kadé ulah NAINGGOLAN.
Di sapaparat jalan hawana SIREGAR, komo bari reureuh MARULI cai SITOHANG mah.
Hampura nya tara nyuratan, da di ditu mah euweuh POSMAN.
Tambang téa kungsi HUTAHURUK, aya lima karyawan SITANGGANG ku seuneu nepi ka TARUTUNG awakna.
Akibatna pagawéan jadi MARGANDA, gajih tetep ngan PANGARIBUAN sapoé, hahargaan NAEK, kapaksa SIHOTANG ka unggal warung.
Boro-boro MARULI baju BORU, rék ngagadékeun calana keur MARULI béas ngan SIGANTANG ogé teu bisa, da euweuh kantor PANGGABEAN.
Cai hésé, kapaksa cai hujan di TENDEAN. Dahar ogé sakapeung mah ngan sangu wungkul bari nga HALOMOAN TULANG.
Babaturan mah réa pisan, nyaéta SI PAHUTAR, SI RAIT, SI HOMBING, SI ANTAR, SI TEPU, jst.
Ngan hanjakal euweuh nu SIMALUNGUN pisan ka kuring, paling-paling ngan ngomong SIAHAAN déh kamu…….”

“Geus….geus … eureun siah ! Hanjakal didéngékeun, balik ngumbara téh jadi rada gélo kitu !”, si Ujang ngagidig balik.

"Abah Téa "
Kang Deddy Setiawan
PT. Krama Yudha Tiga Berlian Motors - Jkt

Tidak ada komentar: