Menu Baru Web PWS Medan

Bergabunglah dengan Paguyuban Wargi Sunda versi FaceBook , dapatkan info PWS terbaru , Jangan lupa DOWNLOAD File berbentuk Powerpoint ( pps ) dari web ini , dan semuanya tentu saja Gratis untuk anggota dan pembaca setia Web PWS - Medan , Haturnuhun
Myspace tweaks at TweakYourPage.com

Rabu, 19 Maret 2008

CEULEUKEUTEUK



PENDIDIKAN

"Abdi wartawan, badé wawancara perkawis Bapa anu suksés janten pengusaha"
"Oh, pék rék nanya naon"
"Dupi bapa alumni universitas mana ?"
"SDTT, alias sekolah dasar tidak tamat"
"Euleuh euleuh, sakieu teu tamat SD tiasa sukses, kumaha upami Bapa sarjana atuh nya ?"
"Lamun Bapa sarjana, meureun ayeuna téh keur nganggur mamawa map siga batur kuring !"

PUNGLI

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

Kumaha teu rék pungli…….
Da keur harita rék asup ngalamar jadi petugas ogé pan perelu duit……
Malah geus bébéakan ngajual sawah jeung munding nu kolot……
Ceuk ahli ekonomi mah cenah encan Break Event Point……..can balik modal……..

Tapi nyaéta, nu penting mah iman nu kuat !
Ceuk Alloh SWT ogé dina Al Qur’an : kadaharan anu asalna tina hasil nu haram, pasti jadi seuneu nu ruhay di jero beuteung.
Tah, lamun masih kénéh ngaku Islam, kudu inget !

Teu narima pungli ogé pan geus digajih, Insya Allah bisa hirup ku ngan ngadahar gajih kajeun leutik ogé. Asal urangna kudu bisa ngukur ka kujur, ulah ‘besar pasak daripada tiang’, kudu aringet yén hirup téh ngan sakeudeung.

Ngan sakitu baé pesen Abah.

والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته

Abah Téa

Kang Deddy Setiawan

Tidak ada komentar: